1 of 10

2 of 10

PANGAJ ARAN 8

Aksara Sunda

Aksara Sunda téh sok disebut ogé aksara kaganga. Tata tulis éta aksara téh dimodifikasi tina aksaraaksara kuno nu kapanggih dina naskah jeung prasasti. Kiwari aksara kaganga téh digunakeun keur rupa-rupa kaperluan, antarana baé digunakeun pikeun plang ngaran jalan, plang ngaran instansi pamaréntahan, plang di tempat-tempat wisata, jeung sajabana.

Di SD hidep ogé saenyana geus diajar aksara Sunda. Dina pangajaran ayeuna hidep bakal diwanohkeun deui kumaha cara nuliskeun aksara Sunda, maca téks dina aksara Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda keur

rupa-rupa kaperluan.

  1. Nuliskeun Aksara Sunda

Ngarah leuwih apal, urang titénan heula kumaha cara nuliskeun aksara Sunda. Aksara Sunda téh ngawengku aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka.

Kumaha nulisna, titénan tabél-tabél ieu di handap!

3 of 10

1. Aksara Ngalagéna

Aksara ngalagéna téh bisa dipapandékeun kana konsonan mun dina abjad Latén mah. Ngan baé dina aksara Sunda mah diémbohan ku sora /a/. Contona konsonan /k/ jadi /ka/. Ari susunan abjadna dimimitian ku ka-ga-nga. Nya ti dinya aksara Sunda sok disebut aksara Kaganga. Titénan susunanana!

2. Aksara Swara

Aksara swara mun dipapandckeun kana abjad Latén mah sarua jeung vokal. Dina basa Sunda, vokal téh aya tujuh. Kitu deui dina Aksara Sunda, vokal téh aya tujuh.

Titénan runtuyanana.

4 of 10

5 of 10

B. Maca jeung Nulis Aksara Sunda

Sabada hidep mikawanoh deui aksara Sunda jeung tata tulisna, ieu aya pancén keur hidep!

6 of 10

7 of 10

C. Ngagunakeun Aksara Sunda

Aksara Sunda téh bisa dipaké ku urang keur ruparupa kaperluan. Upamana baé keur plang jalan, plang gang, plang kantor, plang tempat wisata, jeung sajabana.

Titénan contona!

Pancén 4

Ayeuna urang nyobaan nyieun plang ngagunakeun aksara Sunda. Pék pigawé ku kelompok. Unggal kelompok aya tugasna séwang-séwangan. Pigawé léngkah-léngkah ieu di handap!

Pék babagi kelompok. Sakelompokna cukup tilu atawa opat urang. Unggal kelompok nyieun plang anu beda-beda. Upamana:

Kelompok I : plang ngaran-ngaran ruangan atawa patempatan di sakola. Upamana perpustakaan, gedong olahraga, lapangan upacara, laboratorium, ruang multimédia, jsb.

Kelompok II : plang ngaran-ngaran tatangkalan. Upamana tangkal katapang, kembang eros, tangkal caringin, jsb.

Kelompok III : plang jalan atawa gang. Upamana Jl. Oto Iskandardinata, Jl. Déwi Sartika, Gang Dederuk, jsb.

Kelompok IV : babasan jeung paribasa. Upamana “hirup sauyunan”, “hadé gogog hadé tagog”, “sapapait samamanis”, “moal ngakal mun teu ngakeul”, jsb.

Kelompok V : ngaran-ngaran raja Sunda. Upamana Wastukancana, Sribaduga, Prabu Siliwangi, jeung sajabana.ancén 6

8 of 10

Médiana bisa maké kertas karton, duplék, triplék, spidol, cat poster, cat air, jeung sajabana.

  1. Hasil karya unggal kelompok bisa dua atawa tilu plang, luyu jeung jumlah anggotana.
  2. Sanggeus jadi, pék témpélkeun di tempat-tempat anu merenah.

PANCÉN!!!

Pék salin ieu kalimah kana aksara Sunda!

  1. Sarimin indit ka pasar.
  2. Abdi mios énjing kénéh.
  3. Kamari mésér kaléci 25 siki.
  4. Medar langlayangan di lapang.
  5. Kawas jogjog neureuy buah loa.
  6. Mipit kudu amit ngala kudu ménta.
  7. Wasta abdi Nungki, lahir 12 Mé 1980.
  8. Geuning halodo sataun lantis ku hujan sapoé.
  9. Leukeunan wé, ulah mopo méméh nanggung.
  10. Prabu Siliwangi ngahyang kantun wawangina.

9 of 10

Pancén 7

Tah, rumpaka kawih nu ieu mah ku hidep salin kana aksara Sunda.

Ganti Taun

Rumpaka: Mang Koko

Ganti taun muga mawa kamajuan

Ganti taun ngawujud karaharjaan

Patani sing mukti

Gumati babakti

Ngolah tanah laluasa

Patani di sisi sing sepi karisi

Ayem tengtrem lalugina

Ganti taun patani kasinugrahan

Ganti taun ngawujud karaharjaan

Ganti taun muga mawa kamajuan

Ganti taun ngawujud karaharjaan

Padagang sarenang

Pantrang gedé hutang

Babakti tur mawas diri

Kuat ékonomi

Karaharjaan lemah cai

Ganti taun kamakmuran sing ngabukti

Ganti taun saréréa suka ati

10 of 10

TAMAT PENGAJARAN KA-8