1 of 13

Materi Basa Sunda

Kelas VIII Semester Ganjil

Sisindiran

2 of 13

Kompetensi Dasar

Memahami dan mengidentifikasi bentuk, struktur teks, aspek kebahasaan, dan fungsi sosial puisi sisindiran.

Mengekspresikan sisindiran dalam bentuk tulisan dan lisan (misalnya melalui poster, meme, atau tempas sindir) dengan memperhatikan struktur, ekspresi, dan lentong kalimat.

3.3

3.4

Sisindiran

3 of 13

Tujuan Pembelajaran

Setelah mengikuti proses pembelajaran, peserta didik diharapkan dapat:

  1. Memahami hakekat sisindiran dengan benar;
  2. Mengidentifikasi bentuk sisindiran dengan tepat;
  3. Mengidentifikasi struktur teks sisindiran dengan benar;
  4. Mengidentifikasi fungsi sosial sisindiran dengan tepat;
  5. Menulis sisindiran dalam berbagai media (poster, meme, dll.) dengan kreatif;
  6. Memperagakan sisindiran dalam sebuah tempas sindir dengan memperhatikan struktur, ekspresi, dan lentong kalimat;
  7. Memahami purwakanti dengan benar.

Sisindiran

4 of 13

  • Sisindiran asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol.
  • Dina sisindiran eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkang.
  • Dina sastra Sunda sisindiran kaasup kana wangun ugeran (puisi).

Wangun sisindiran kauger ku:

  • Purwakanti (sora tungtung)
  • Jumlah engang dina unggal padalisan
  • Jumlah padalisan dina unggal pada

Sisindiran

5 of 13

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeun sisindiran dibagi tilu golongan nyaéta:

  1. Paparikan
  2. Rarakitan
  3. Wawangsalan

Lamun ditilik tina eusina rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing

jadi tilu golongan, nyaéta:

  1. Silih asih (kasih sayang, bobogohan)
  2. Piwuruk (naséhat)
  3. Sésébréd (banyol, heureuy)

Sisindiran

6 of 13

  • Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi.
  • Paparikan dina sapada diwangun ku opat padalisan.
  • Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina.
  • Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata)

Paparikan

Conto Paparikan:

Meuncit meri dina rakit,

boboko wadah bakatul.

Lain nyeri ku panyakit,

kabogoh direbut batur.

cangkang

eusi

Guru wilangan:

Meun-cit me-ri di-na ra-kit,

bo-bo-ko wa-dah ba-ka-tul.

La-in nye-ri ku pa-nya-kit,

ka-bo-goh di-re-but ba-tur.

(8 engang)

(8 engang)

(8 engang)

(8 engang)

Sisindiran

7 of 13

  • Disebut paparikan lantaran padeukeut sorana (murwakanti) antara cangkang jeung eusi.
  • Padalisan kahiji padeukeut sorana jeung padalisan katilu
  • Padalisan kadua padeukeut sorana jeung padalisan kaopat

Paparikan

Ngala térong jeung kalapa,

dibawa ka kebon cikur.

Nu gondrong jaman ayeuna,

teu wawuh ka tukang cukur.

Padalisan ka-1

Padalisan ka-2

Padalisan ka-3

Padalisan ka-4

Sisindiran

8 of 13

  • Rarakitan diwangun ku cangkang jeung eusi, lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi.
  • Rarakitan dina sapada diwangun ku opat padalisan.
  • Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina.
  • Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata)

Rarakitan

Conto Rarakitan:

Sapanjang jalan Soréang,

moal weléh diaspalan.

Sapanjang tacan kasorang,

moal weléh diakalan.

cangkang

eusi

Guru wilangan:

Sa-pan-jang ja-lan So-ré-ang,

mo-al we-léh di-as-pal-an.

Sa-pan-jang ta-can ka-so-rang,

mo-al we-léh di-a-kal-an.

(8 engang)

(8 engang)

(8 engang)

(8 engang)

Sisindiran

9 of 13

  • Disebut rarakitan lantaran kecap awal dina padalisan kahiji, sarua jeung kecap awal dina padalisan katilu.
  • Kecap awal padalisan ka kadua sarua jeung kecap awal dina padalisan kaopat.

Rarakitan

Sisindiran

Lamun hayang nyieun pager,

kudu daék mawa paku.

Lamun hayang jadi pinter,

kudu daék maca buku.

Padalisan ka-1

Padalisan ka-2

Padalisan ka-3

Padalisan ka-4

10 of 13

  • Wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan.
  • Sapadalisan cangkang, jeung sapadalisan deui eusi.
  • Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang.
  • Bagian cangkang mangrupa katerangan ngeunaan hiji barang atawa hal. Éta barang téh kudu ditéangan tina salah sahiji kecap anu sasora anu aya dina bagian cangkang.
  • Wawangsalan henteu béda jeung tatarucingan atawa teteguhan.

Wawangsalan

Conto Wawangsalan:

Belut sisit saba darat,

Kapiraray siang wengi.

Wangsalna: oray

cangkang

eusi

Guru wilangan:

Be-lut si-sit sa-ba da-rat,

Ka-pi-ra-ray si-ang we-ngi.

(8 engang)

(8 engang)

Sisindiran

11 of 13

Eusian bagian kotak anu kosong:

Sisindiran

Paparikan/Rarakitan

Silih asih, piwuruk, sésébréd

Guru Wilangan

(jumlah engang)

Guru Lagu

(Purwakanti)

Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun urat.

Sing getol néangan élmu,

nu guna dunya ahérat

Paparikan piwuruk

Rarasaan rék ka Lémbang,

teu nyaho ka Cibaduyut.

Rarasaan awak lenjang,

teu nyaho awakna gendut.

ang, ut, ang, ut

Ka kulah nyiar kapiting,

ka nu bala ngala suluh.

Ulah sok liar ti peuting,

di sakola matak tunduh.

Ka ku-lah nyi-ar ka-pi-ting,

ka nu ba-la nga-la su-luh.

U-lah sok li-ar ti peu-ting,

di sa-ko-la ma-tak tun-duh.

Pancen 1:

12 of 13

Sebutkeun wangsalna dina wawangsalan di handap ieu:

Pancen 2:

Teu beunang dihurang sawah,

teu beunang dipikameumeut.

Wangsalna: …………

Abdi mah kapiring leutik,

isin teuing ku salira.

Wangsalna: …………

Teu puguh monyet hideungna,

asa teu puguh tungtungna.

Wangsalna: …………

Kembang bodas buah bunder,

ngaheruk nya pipikiran.

Wangsalna: …………

13 of 13

Hatur Nuhun !